Kamis, 08 November 2012

Gending Karesmen dina Kasenian Sunda

Gending karesmén nyaéta pagelaran drama anu dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun, dibarengan gerak ibing, dipirig ku tatabeuhan. Istilah nu saharti sareng gending karesmen, nyaeta Taman Karesmen, upami dipidangkeunana di pakarangan atanapi taman, ngareuah-reuah pesta kebon. Setra Karesmen, wancahna tina sekar-waditra-karesmian, ieu mah upami pagelaranana teh dipirig ku waditra Tembang Sunda sarta winangun Tembang Sunda (Cianjuran). Numutkeun pendapat umum gending karesmen mangrupa paduan sekar jeung gending anu aya kaitanna dina salasahiji carita sacara nonstop anu wujudna sabage materi sorangan dina pagelaran. RMA Kusumadinata: harti gending karesmen anu sabenerna nya eta karesmian gending anu hartina gending anu dikomposisikeun jeung dipaenkeun sacara instrumentalia anu unsure sekarna euweuh dijerona. Mang Koko cenderung nyebutkeun Drama Suara keur istilah gending karesmen, alasanna salain drama suara leuwih babari diartikeun, sajajar oge jeung istilah dina tari anu digunakeun nya eta Sendra tari. Nano S oge mere istilah keur pagelaran samodel kitu nya eta Kagunan Reka Carita. Kagunan mangrupa bangkitna seni suara, nya eta sekar jeung gending. Reka maksudna ungkapan dina ngawujudkeun ciptaan carita atawa carita nya eta hiji ungkapan anu disusun ku materi basa. Gending karesmen ngadeg dina taun 1927 ku R.Memed Kartabrata. Gending karesmén mangrupa gabungan dina sababaraha unsur seni, saperti seni sastra anu naskah caritana dina wangun prosa liris nya éta karya sastra anu bisa diungkapkeun ngaliwatan nyanyian. Dialog anu ditepikeun ku pamaén gending karesmén ditepikeun ku nyanyian (sekaran). Dina kamekaran kiwari, teu saeutik gending karesmén anu geus dirékam kana kasét, upamana waé ”Gending Karesmén Lutung Kasarung” beunang Sayudi. Lahirna Gending Karesmén teu leupas tina pangaruh Belanda, wangunan  Gending Karesmén téh kailhaman ku wanda kasenian anu jol-na ti Barat: Opera. kurang leuwih 1902, aya istilah anu disebut Tunil Tembang. Ari istilah Tunil, asal kecapna tina basa Walanda. Pihartieunna téh taya lian Tunil anu ditembangkeun. Kira taun 1924, istilah Tunil Tembang téh diganti jadi Dogér Tembang. Pang kitu téh ku sabab istilah Tunil téa, anu lain basa Sunda asli. Istilah Gending Karesmén jolna ti Raden Mahyar Angga Kusumadinata (musicoloog Sunda), anu dipaké tug nepi ka kiwari. Dina pertumbuhan jeung perkembangan gending karesmén nampilkeun tilu gaya, nya éta: 1. Gaya R. adding Affandi anu leuwih condong ngagunakeun kaédah-kaédah tembang Sunda. 2. Gaya Mang Koko anu lewih condong boga sifat drama suara. 3. Gaya Wahyu Wibisina anu boga konsep antara lain karawitan kudu tunduk kana kaédah-kaédah drama Fungsi gending dina gending karesmen diantarana: a. Mirig sekar b. Mere suasana c. Mere aksen gerak-gerak palaku

Rabu, 07 November 2012

Kasenian Terebang di Kacamatan CIdadap Kabupaten Bandung

Kasenian mangrupa salasahiji aset atawa kabeungharan hiji budaya. Budaya Sunda miboga rupa-rupa kasenian nu unik. Salasahiji na nya eta kasenian "TEREBANG". Numutkeun kamus R.A Danadibrata, Terebang teh nya ѐta tatabeuhan saperti dogdog ari kuluwungan di jieun tina puhu tangkal kalapa nu aya di jero taneuh ; sok disebut ogѐ terbang; kuluwung, bangunna mѐh saperti panѐ; ting. Terebang geus aya leuwih ti 100 taun katukang. Katurunan nu ngamekarkeun kasenian Terebang di antarana : Anggareja, Asmareja ( Aki Abah Oon ), Natareja, Sumareja, Wastareja jeung Jayareja. Maranehna diajar ngaji nepi ka ngondang guru ti luar. Aya guru nu kataji ku eta Terebang sarta nyieun nepi ka jumlahna aya genep nu ukurana beda-beda. Tidinya, Terebang jadi kasenian nepi ka diwariskeun ka Bah Oon (dalang Terebang hiji-hijina di lemburna). Dina jaman baheula, kasenian Terebang ulah nepi ka dihargakeun. Waditra dina kasenian terebang , nya ѐta : Terebang aya 6, Dogdog 1 Kesenian Terbang sababaraha fungsi , diantarana: Minangka sarana dakwah, Hiburan, Upacara ritual, Sukuran panѐn. Kasenian Terebang di pagelarkeun dina sapeuting jeput dugikeun ka subuh, tapi aya nu beurang ogѐ ѐta mah pikeun hiburan wungkul, kasenian terebang kudu di pintonkeun di awal acara, rѐk dina acara wayang atawa hiburan nu lian, terebang mah kudu mimiti pisan, lamun henteu sok aya mamala. Dina kasenian terebang tѐh di pingpin ku dalang anu macakeun Kitab Barjanji jeung Jamjami. Aya tilu tingkat dina nabeuh Terebang, nya eta: 1. Tepak hiji 2. Tepak dua 3. Tepak tilu Naraumber Penelitian : Bah Oon Sudrajat (Dalang Terebang)